PENTINGNA NGARIKSA BASA INDUNG
MALAR KAARAH MANGPAATNA
Sumanget kasundaan jadi salah sahiji pamiangan jeung tatapakan Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran dina ngawujudkeun tagline “Ngakar di Sarakan, Punjul di Buana” nu digedurkeun ku Dékan FIB Unpad, Prof. Aquarini Priyatna, M.Hum, M.A., Ph.D. Internasionalisasi fakultas mémang jadi program utama nu kiwari keur dihangkeutkeun. Malah salah sahiji program strategisna ogé nyaéta ngaguar tur ngadumaniskeun topik-topik kasundaan dina rupa-rupa panalungtikan nu baris diwacanakeun sarta dipublikakeun di ranah internasional. Hal éta ditepikeun ku Prof. Atwin (kitu nénéhna) dina pangbagéa Miéling Poé Basa Indung Sadunya nu diayakeun ku Program Studi Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya Unpad rukun gawé jeung Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda (Pamass), Senén, 22 Februari 2021 nu anyar kaliwat ngaliwatan zoom nu dihadiran ku leuwih ti 700 pamilon.
Internasionalisasi Fakultas Ilmu Budaya téh ceuk Prof. Atwin penting kacida. Ajén-inajén lokalitas kasundaan jadi bekel penting pikeun ngawujudkeunana nu bisa diadumaniskeun jeung rupa-rupa widang kaélmuan nu nyampak di prodi-prodi nu aya di Fakultas Ilmu Budaya Unpad, munasabah Fakultas Ilmu Budaya Unpad ogé mibanda prodi Sastra Sunda nu pancénna “ngagelarkeun” sarjana-sarjana nu jembar wawasanana. “Di Prodi Sunda tangtos waé aya dosén-dosén anu hébat nu saleresna tiasa sareng mibanda poténsi pikeun ngigelkeun kasundaan di ranah internasional,” ceuk Prof. Atwin bangun nu reueus.
Ari salila ieu publikasi-publikasi kasundaan téh kurang ceuyah lamun dibandingkeun jeung publikasi-publikasi étnis séjén nu aya di Indonesia. “Pangalaman sim kuring pribadi waktu ngaréngsékeun révisi paper. Harita sim kuring perlu informasi ngeunaan kasundaan. Nya sim kuring nyobi milarian di perpustakaan digital. Geuning kecap Sunda, dina rupa-rupa publikasi jurnal bereputasi nu bisa dirujuk ku balaréa téh teu muncul. Dina waktos nu sanés sim kuring ngetik javannesse, ngabaris rupa-rupa bahasan ilmiah ngeunaan pangaweuh Jawa. Nya éta waktos ngetik kecap Sundanis mah langka pisan aya informasi sareng publikasi ilmiah nu aya patalina jeung basa katut budaya Sunda téh,” ceuk Prof. Atwin bangun nu manghanjakalkeun.
Hal éta ceuk Prof. Atwin deui, tangtu waé jadi PR urang saréréa, lain waé keur Unpad, Fakultas Ilmu Budaya jeung Prodi Sastra Sunda, tapi oge jadi PR keur sakumna mahasiswa jeung masarakat nu enya-enya micinta tur mikanyaah basa katut budaya Sunda. Basa jeung budaya Sunda tangtu bisa dipaké tandang makalangan di dunya internasional, Ajip Rosidi geus nyontoan hal éta ku rupa-rupa ketak, karya jeung préstasina di lingkungan internasional. Malah dina waktu anjeunna narima gelar Doktor Honoris Causa ti Unpad dina taun 2011, apan dina pidato panarimaan gelarna ogé maké basa Sunda. “Di lingkungan Unpad, basa Sunda bisa dipaké basa panganteur nu hakna satata jeung basa Indonésia katut basa Inggris nu bisa dipaké dina kagiatan sapopoé sivitas akademika Unpad, hal éta écés kaunggel dina statuta Unpad jeung lamun nilik kana sajarah ngadegna ieu kampus mémang ditujukeun pikeun ngatik warga Jawa Barat bari teu mopohokeun kana kasundaanana.”
Dina pamungkas pangbagéa, Prof. Atwin ogé nepikeun harepanana yén kagiatan Miéling Poé Basa Indung Sadunya nu digagas ku Prodi Sastra Sunda téh muga-muga baris jadi uar pangajak ka sakumna urang Sunda nu boga kénéh raga katineungna kana basa indung, supaya basa jeung budaya titinggal karuhun téh tetep dipiara jeung dimumulé.
Sapamadegan jeung Dékan FIB Unpad, Ketua Prodi Sastra Sunda FIB Unpad, Dr. Hera Meganova Lyra, M.Hum., ogé nétélakeun pentingna basa Sunda (basa Indung) sangkan terus dimumulé hirup jeung huripna. Lantaran ceuk ieu kaprodi teureuh Karawang téh, dina basa indung nyampak rupa-rupa nilai positif, “Dina basa Sunda aya nilai étika, aya nilai rasa, aya nilai karakter sareng aya nilai batin. Éta rupa-rupa nilai positif téh tangtu kedah teras nganteng diwariskeun ti generasi ka generasi supados nonoman-nonoman urang Sunda téh teu pareumeun obor jeung nyaho kana kabeungharan basa katut budayana sorangan,” ceuk Dr. Hera tandes naker.
“Basa Sunda téh jadi salah sahiji bagian tina basa daérah jeung basa indung nu aya di nusantara ogé alam dunya. Kiwari nasibna sarua jeung basa daérah-daérah séjeénna nu teu weléh dikukuntit ku karisi baris leungit panyaturna. Nya ku hal éta pisan, urang gaduh pancén kanggo terus ngamumulé jeung ngariksa sangkan basa jeung budaya titinggal karuhun nu luhung ajénna jeung nyampak rupa-rupa élmu pangaweruh téh baris tetep dipaké jeung puguh hirup jeung huripna,” ceuk Dr. Hera mungkas pangbagéana.
Ari nurutkeun panyatur kahiji, Dr. Gugun Gunardi nu ogé jadi salah sahiji dosén di Prodi Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya Unpad, nurutkeun sawangan jeung pangalaman sapopoéna mah, mémang nu maraké basa Sunda di lingkungan kota mah mingkin ngurangan. Masarakat leuwih loba nu maké basa Indonesia jeung diajar basa deungeun.
“Kaayaan di lingkungan perumahan Bandung mah tos tiasa disebat langki nu nganggo basa Sunda, komo nu nganggo undak usuk basa mah. Upami sakalian mendakan, biasana nganggo basa kasar atawa basa Sunda nu kamalayon,” ceuk Dr. Gugun bangun nu manghanjakalkeun.
Dina éta kasempetan, Dr. Gugun miharep masarakat sadar kana pentingna ngawariskeun basa Sunda ka barudakna, “Margi ari diajar basa mah kedah dibiasakeun ti aalit. Diwanohkeun ku sepuhna di lingkungan kulawarga. Upami teu dibiasakeun kitu, tangtos waé basa Sunda bakal leungit sareng pegat panyaturna,” pokna deui.
Dr. Gugun ogé nandeskeun, diajar basa deungeun kacida pisan pentingna dina jaman kiwari mah, lantaran ngaliwatan média basa asing baris bisa ngawanohkeun kabeungharan jeung kapunjulan budaya jeung basa Sunda ka tingkat internasional, “Tapi teu kenging dugi ka hilap kana basa Indung basa Sunda mah,” pokna ngawanti-wanti.
Panyatur kadua, Agis Cantini nu kiwari masih nyuprih élmu di Prodi Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya Unpad nu oge jadi influencer nu followerna ngarebu, nepikeun pentingna ngabiasakeun maké basa Sunda dina gunem catur sapopoé utamana dina media sosial, nu kiwari jadi lapak pikeun para nonoman ngaéksprésikeun karesepna. “Dina Youtube, Facebook, Instagram, Twitter atanapi Tiktok, biasakeun dina ngadamel status atanapi konten nganggo basa Sunda. Ku cara dianggo dina media sosial, hartosna basa Sunda ngiring kapromosikeun supados dianggo gunem catur.”
Ari nurutkeun panyatur pamungkas, Riki Nawawi, M.Hum., alumni Prodi Sastra Sunda jeung Guru Basa Sunda SMA Al-Masoem Bandung, ngahatéan para nonoman sangkan ngabiasakeun nyarita maké basa Sunda bari teu kudu sieun salah atawa ngarasa teu bisa. Basa Sunda téh penting, lantaran ngandung nutrisi anu “séhat” keur lahir & batin manusana. Éta gizi basa Sunda téh di antarana nyampak dina babasan jeung paribasana jeung dina kasusastraanana.
“Ku éta nutrisi waé, mun enya dibacana, tangtu urang Sunda téh bakal jagjag waringkas. Cageur, bageur, bener, pinter, tur singer téh bakal kahontal. Kitu deui dina nyanghareupan dunya maya. Média sosial minangka pakalangan kudu daria disanghareupan ku sakumna urang Sunda. Najan kagiatanana basajan, tapi eusina mah ulah wawayagon. Ulah dapon diposting. Kudu soson-soson digarap malar eusina katut akun médiana kaasup anu jagjag belejag (séhat). Harepanana mah taya lian ti sangkan bisa nyéhatkeun urang ogé balaréa salaku nu macana,” ceuk Riki Nawawi.*** (TR)
Taufik Rahayu, M.Hum
Dosen Program Studi Sastra Sunda FIB Unpad
